Wuluku Jaman Ayeuna

0
387
Traktor-wuluku-jaman-ayeuna

Bewarajabar.com — Rebun-rebun patani ngagiring munding, nanggung wuluku, mapay galengan sawah. Antara pukul 5-6 isuk anjog ka tempat garapeun. Tuluy nerapkeun sawed jeung pasanganna kana beuheung munding.

Bari nyekelan bubuntut (cecekelan wuluku) patani ngahaleuang, “Mideur, … mideur deui, mideur deui, …. Kia kalen, kia kalen.” Munding noyod leumpang, sakapeung ruwal-rawel kana jukut. Patani jongjon ngahaleuang, ngahibur diri mopohokeun kacape.

Pukul 11 beurang, nu ngagarap sawah lekasan. Sawed dipecat, dileupaskeun tina pasangannna, dilesotkeun tina beuheung munding. Timbul istilah wanci pecat sawed.

Sabau (0,7 ha) anggeus digarap ku 6-8 pasang (munding jeung wuluku) saisuk. Henteu tepi ka sore sabab mundingna capeeun. Jadi sabau anggeus digarap ku saurang patani jeung munding tur wulukuna salila 6-8 isuk ( 6-8 poe).

Ayeuna robah jaman. Wuluku diganti ku traktor, hususna di wewengkon Karawang. Sapoe sapeuting, 24 jam nonstop hiji traktor, dua jalma bagilir tiap 6 jam, bisa ngagarap sawah 3-4 bau (2,1-2,8 ha). Tahapan garapanna sarua jeung make munding; ngawuluku, ngabugis jeung ngagaru.

Bareto aya anggapan, lahan digarap ku traktor kurang subur, balukar bahan bakar nu ragrag. Eta anggapan teh dibantah ku sawatara patani di Karawang. Nu nganggap traktor ngaruksak kasuburan tanah, kasieunan leungiteun pagawean tur antipati kana modernisasi pertanian.

Subur jeung henteuna lahan gumantung ka urang nu ngurusna. Nu jelas make traktor leuwih praktis tibatan make wuluku. Pagawean tereh peren. Kitu ceuk salah saurang patani di Karawang.

LEAVE A REPLY

Please enter your comment!
Please enter your name here