Tarumanagara Jaman Purnawarman

0
416
Karajaan Tarumanegara. (Ilustrasi)

Bewarajabar.com — Karajaan Tarumanegara mangrupakeun Karajaan Hindu pangkolotna di Pulo Jawa sarta nu jadi karajaan kolot kadua di Nusantara sanggeus Karajaan Kutai. Karajaan Tarumanegara ngadeg taun 358 Masehi.

Salah sahiji  titinggal (prasasti), nyaeta prasasti Tugu nu aya di Kecamatan Tarumajaya, Bekasi, Jawa Barat, netelakeun yen aya  hiji karajaan nu ngaranna Tarumanegara kalayan ngaran rajana Purnawarman.

Wilayah Karajaan Tarumanegara harita nu kiwari ngawengku Banten, tatar kaler Jawa Barat, Jakarta, nepi ka Cirebon. Nalika dipingpin ku Raja Purnawarman, ieu karajaan  aya dina puncak kajayaan, diantarana, bisa ngawangun saluran cai dina waktu anu singkat.

Tarumanegara asalna tina kecap “Taruma” jeung “negara”. “Taruma” hartina “Citarum”, walungan nu aya di tatar Sunda nu sungapanna di Bandung, muarana di tapel-wates Karawang-Bekasi, jeung “nagara” nu hartina “karajaan”.

Di muara Citarum kiwari kapendak prasasti mangrupa candi nu keur ditalungtik, nyaeta, Candi Jiwa jeung Candi Blandongan di Batujaya jeung Tanjungpakis sarta Candi Lanang jeung Candi Wadon di Cibuaya, Karawang. Ieu komplek candi diduga titinggal Karajaan Tarumanegara.

Bukti ngadegna Karajaan Tarumanegara nyaeta ku ayana tujuh prasasti nu kapendak, ngawengku: lima prasasti di Bogor (Prasasti Kebun Kopi, Prasasti Ciaruteun, Prasasti Muara Cianten, Prasasti Jambu jeung Prasasti Pasir Awi), hiji di Bekasi (Prasasti Tugu), hiji deui di Lebak, Banten (Prasasti Munjul).

Mangsa kajayaan Karajaan Tarumanegara, nalika dipingpin ku Raja Purnawarman. Harita karajaan bisa ngawangun dua saluran cai, nyaeta walungan Gomati jeung Chandrabaga. Ngagali walungan Chandrabaga gunana pikeun ngamalirkeun cai ti sungapanna gigireun istana, supaya bisa langsung ngamalir ka laut.

Nalika ngagali walungan  Gomati nu panjangna 12 kilometer, dipigawe nepi rengse ukur meakeun waktu 21 poe.  Pikeun waragad ngawangun ieu dua walungan para brahmana harita ngorbankeun  kurang-leuwih 1.000 sapi.

Puseur dayeuh Karajaan Tarumanegara pernahna di wilayah Bekasi ayeuna. Bihari, puseur karajaan teh ngaranna “Jayagiri”. Tuluy robah ngaran jadi “Bagagasi” sarta ayeuna jadi “Bekasi”. Walungan Bekasi nu ayeuna ngamalir di tengah Kota Bekasi, bihari walungan  Chandrabaga nu meulah puseur kota Karajaan Tarumanegara.

Karajaan Tarumanegara runtag di  ahir   abad katujuh Masehi. Dumasar prasasti di  Kota Kapur taun 656 Masehi nu aya di Pulo Bangka,  runtagna Karajaan Tarumanegara  di ahir eta abad balukar kakawasaan Karajaan Sriwijaya.

Lian ti eta, nu ngabalukarkeun runtagna Karajaan Tarumanegara teh, diantarana, taya pingpinan eta karajaan, sabat raja nu ngajabat harita, Raja Tarusbawa, leuwih milih mingpin karajaan leutik nu aya hilireun walungan Gomati

LEAVE A REPLY

Please enter your comment!
Please enter your name here