Bewarajabar.com — Prabu Siliwangi diistrenan jadi raja Pajajaran taun 1482. Pikeun nalingakeun wilayah Pajajaran, Prabu Siliwangi ngagunakeun jalan darat jeung jalur cai nu geus aya. Jaman harita loba wilayah Pajajaran nu rame ku ayana patalimarga nu lancar, di antarana Tanjungpura.
Tanjungpura nu kiwari mangrupa salah sahiji kelurahan di Kecamatan Karawang Barat, Kabupaten Karawang, harita mangrupa kota bandar palabuan nu rame, sabab pernahna sisi Walungan Citarum.
Ramena Tanjungpura pedah jadi jalur liliwatan kakuatan Pajajaran, boh keur kapentingan militer boh keur kapentingan sosial ekonomi. Saban waktu ka Tanjungpura, kapal dagang ti mana-mana, larsup nurun-naekkeun jangkar di darmaga Tanjungpura.
Di Karawang harita beas can jadi komoditi ekspor-impor sabab sawah can aya. Aya nu melak pare teh di Karawang tatar kidul, nyaeta melak pare huma di pagunungan (ayeuna nu ngahuma masih aya di pagunungan wilayah Kecamatan Tegalwaru jeung Pangkalan).
Jalan di jaman Pajajaran geus butbat. Ti Tanjungpura harita, ka kulonkeun aya jalan ka Cileungsi, terus ka Pakuan (ayeuna Bogor). Ka wetankeun terus ngidul ka Cikao (wilayah perdagangan di wewengkon Purwakarta), ka wetankeun rada ngaler ka Sagaraherang (ayeuna nelahna Sagalaherang, Subang). Ti dieu jalan kabagi dua, aya anu ngaler ka Pamanukan tuluy Indramayu, bangblas ka Singapur (karajaan Cirebon kaler, samemeh lahirna Kota Cirebon).
Nu rada ngidul ka Karajaan Sumedanglarang, Karajaan Talaga, Karajaan Rajagaluh, Karajaan Sindangkasih. Nu ka wetan ka Kuningan, nu ngidul terus ka Kawali (Karajaan Galuh). Ieu jalan raya Pajajaran teh geus sanggup ngamajukeun sosial ekonomi Pajajaran sagemblengna.
Kiwari jalan raya Pajajaran loba nu geus leungit ku dijieunna jalan anyar buatan Daendels. Tanjungpura Karawang teh tetela dihapit ku dua wilayah perdagangan bogana Pajajaran. Nu matak teu aneh mun Karawang ti jaman Pajajaran geus jadi puseur karamean ekonomi.