Candi di Batujaya Naha Titinggal Karuhun Tarumanagara?

0
274
Candi Jiwa

Bewarajabar.com — Taun 1984 warga Desa Segaran Kecamatan Batujaya Karawang mendakan gundukan-gundukan taneuh di wewengkon tanah sawah jeung lembur nu legana lima hektar. Gundukan taneuh teh ku maranehna disebut unur, nu manahoreng eta teh candi. Tina 24 lokasi gundukan taneuh, dua diantarana Candi Jiwa jeung Candi Blandongan.

Kaayaan candi henteu jiga Borobudur atawa Prambanan nu geus ngawujud wangunan nu rapih, ieu mah basa kapendak candina mangrupa batu bata nu masih pabalatak diantara galengan sawah.

Karawang ti baheula geus kakenal minangka kawasan subur nu  kakocoran ku walungan, diantarana, walungan Citarum nu sungapanna di lamping gunung Wayang, Malabar. Legana antara 40-60 meter, utamana di daerah hilir. Lian ti Citarum di sabudeureun Batujaya aya walungan Sunge Pakis, Sukajaya jeung Cikiong nu ngamuara ka Laut Jawa.

Sacara geografis, komplek candi teh pernahna di “tanggul alam” nu ampir tiap taun narima leutak kiriman ti Citarum, nu ngabalukarkeun tanahna ngajangkungan. Eta sababna sabagian gede komplek candi ayana di jero taneuh nu jerona 1-2 meter basa kapendak.

Can pati loba catetan ngeunaan sajarah Batujaya. Arsip pamarentahan Walanda ukur nyebutkeun taun 1684 ieu wewengkon mangrupa rawa nu taya pangeusina. Karek taun 1705 Walanda memeres ieu tempat dijadikeun sawah jeung kebon.

Tapi, mun ditaliti nu leuwih jero ayana komplek pamujaan di Citarum hilir teh teu leupas ti lajuna sosial ekonomi harita. Ti baheula basisir kaler Jawa Barat geus jadi salah sahiji puseur patalimarga laut jeung perdagangan internasional. Kapanggihna arkeologi mangrupa fragmen barang gagarabah  tipe romanic roulette di daerah Buni Karawang, jigana asalna ti abad munggaran Masehi.

Eta barang gagarabah  mere pituduh yen harita di wilayah sabudeureun basisir kaler Jawa Barat geus   aya pamukiman kuna, terusan ti jaman prasejarah. Sakaligus nuduhkeun ayana lintas perdagangan internasional. Bisa dipastikeun salah sahiji pamukiman  teh komplek candi Batujaya nu pernahna kurang-leuwih 6 kilometer ti  basisir kaler Jawa Barat.

Bukti-bukti tadi nandeskeun dina awal Masehi, memeh timbulna Karajaan Tarumanegara, kawasan sapanjang basisir kaler Jawa Barat geus mibanda tempat-tempat pamukiman kuna. Eta tempat teh tuluy mekar jadi palabuan anu gede pangaruhna kana lajuna sosial, ekonomi jeung politik Sunda kuna.

Pamadegan teh ditandeskeun deui ku catetan Clodius Ptolmeans ti abad ka 2-3 Masehi nu nyieun peta lalampahanna bari nyebut-nyebut ngaran jeung tempat di Indonesia, utamana palabuan-palabuan deukeut Selat Sunda.

Lian ti eta, ti saniskara prasasti kapendak, sabudeureun abad ka 5 geus ngadeg Karajaan Hindu, Tarumanegara. Daerah Bekasi-Karawang sok disangkut pautkeun jeung sepak terjang ieu karajaan. Nurutkeun Purbatjaraka, ngaran Candrabhaga nu sok disebut-sebut dina Prasasti Tugu jigana ngaran hiji walungan di India nu diadaptasi jadi ngaran walungan di Jawa. Kajian etimologi eta ngaran oge nuduhkeun mirip Bekasi, nu taksiran urut puseur Karajaan Tarumanegara.

Berita Cina nu pangheubeulna nu nyinggung sual Karajaan Tarumanegara dilaporkeun ku Fa Shien taun 414 M, nenetelakeun  di Taruma (Yepoti) saeutik pisan jalma nu ngagem agama Budha, tapi kapendak loba urang Brahmana. Jigana kagiatan perdagangan internasional jeung ayana Karajaan Tarumanegara di Jawa Barat bisa disebut minangka motip diadegkeunana komplek pamujaan Batujaya.

LEAVE A REPLY

Please enter your comment!
Please enter your name here